Mangsa aya rasa nu datang ngabelesat,
kuring kawiyasa...
datang lain dina mangsana dina wanci nu teu
merenah....
lir nyeungeut seuneu dina suluh garing...nyèak...ngaduruk
mamaras....
leuuuh...ku hèsè nyingkahna..
Naha ieu rasa tèh kudu diingu...? dijieun
panglipur?
atawa sakuat tanaga kudu dipaksa dileungitkeun?
.....
Teuing ku èndah wirahma harèwos sètan...
ngasupkeun rasa ngaliwatan urat-urat
sukma...
hatè leumpeuh...teu walakaya....
pelong anjeun..nanceb dina dasaring ati...
Rasa sadrah dina kahayang nu salah...
paneuteup geugeut lir gula jeung peueutna..
hèsè disieuhkeunana....kasono taya
kendatna....
nèangan rusiah pelong anjeun...
Peuting nu jempling...
ditanya taya ngajawab,
naha rasa kuring tèh sawirahma jeung rasa anjeun?
Palias.....nogèncang....