Assalamu’alaikum wr wb….
Sampurasun…
Bapa kepala sekolah anu ku sim kuring
dipihormat,
Bapa
miwah Ibu guru anu ku sim kuring
dipihormat
Hadirin tamu uleman oge anu ku sim kuring dipihormat,
Akang sareng Teteh kelas 9 anu ku sim
kuring dipikacinta.
Puji sareng sukur urang sanggakeun ka Alloh
SWT
Sholawat sinareng salam mugia ngagoloncor
ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
Langkung ti payun sim kuring seja
ngahaturkeun nuhun, parantos dipaparin kasempean kanggo ngiring jajap,
ngawilujengkeun ka Akang sareng Teteh kelas 9, anu parantos rengse tolabul ilmu
di ieu sakola.
Teu seueur nu bade dipisanggem, mugia
sagala rupi anu dicita-citakeun ku akang sareng Teteh tinekanan tur aya dina
kaberkahan Alloh SWT, tiasa ngamangpaatkeun elmu anu parantos ditampi, tur
tiasa ngajaga kahormatan almamater urang.
Sim kuring ngawakilan sadaya siswa kelas 7
sareng kels 8 seja rojong du’a..mugia sagala rupina aya dina kalancaran,
nyungkeun pangapuntenna boh bilih salami urang sasarengan seueur kalepatan.
JALAN CAGAK SARIATER
JALANNA NANJAK JEUNG MUTER
LAMUN JAGA ATOS PINTER
TONG HILAP KA ALMAMATER
Sakitu nu kapihatur….
Billahi taufik walhidayah.
Wassalamu’alaikum wr wb…..Cag
Tidak ada komentar:
Posting Komentar