GERENTES
HATÈ
Mangsa aya rasa nu datang ngabelesat, kuring kawiyasa...datang lain
dina mangsana dina wanci nu teu merenah....lir nyeungeut seuneu dina suluh
garing...nyèak...ngaduruk mamaras....leuuuh...ku hèsè nyingkahna..
Naha ieu rasa tèh kudu diingu...? dijieun panglipur? atawa sakuat
tanaga kudu dipaksa dileungitkeun? .....Teuing ku èndah wirahma harèwos sètan...ngasupkeun
rasa ngaliwatan urat-urat sukma...hatè leumpeuh...teu walakaya....pelong
anjeun..nanceb dina dasaring ati...
Rasa sadrah dina kahayang nu salah...paneuteup geugeut lir gula jeung
peueutna..hèsè disieuhkeunana....kasono taya kendatna....nèangan rusiah pelong
anjeun...
Peuting nu jempling...ditanya taya ngajawab, naha rasa kuring tèh sawirahma
jeung rasa anjeun? Palias.....nogèncang....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar