Selasa, 27 September 2016

SAJAK TEPUNG TAUN NU KA-53

SAJAK TEPUNG TAUN NU KA-53

Haturan BAPA DEDE JUNAEDI
(Kepala SMPN I CIPEUNDEUY)


Gusti nu ngatur lalakon
Nu ngawelah unggal lengkah
Renghap napas tutunggulan
Ngarep-ngarep bagja awak tinekanan

Dina anteng lamunan manteng
Mantengkeun rasa katineung
Nineung deui...nineung deui
Umur diudag-udag ku pati

Mangsa lawas nu kalakonan
Ngolebat ukur ngingetan
Kiwari kagambar deui
Sawangan sok rajeun datang

Ngaji diri ku diri
Ngalap rasa ku rasa
Lamun seug bisa kongang
Palias...ngucap honcewang

Reg....eureun...
Katalimbeng sora sukma
Sujud ka nu ngayuga
Engke atawa isukan.....saha nu terang


3 komentar:

  1. Htr nhn bu.... teu karaos... geuning ayna simkuring geus nambahan umur tapi sabenerna mah ieu tanda ngurangan kasempatan urang lalampahan di alam dunya.... pileuleuyan umur 52... anu mustahil kapilampah deui... mugia barokah umur 53 jeung saterusna....

    BalasHapus
    Balasan
    1. Da hirup...ngan sakolebat...ditutur-tutur ku layung...ngalungsar diperjalanan....

      Hapus
    2. Da hirup...ngan sakolebat...ditutur-tutur ku layung...ngalungsar diperjalanan....

      Hapus