Artikel
NENENG
R AGUSTINI, S.Pd
(SMPN
I CIPEUNDEUY)
TONGTONAN
JADI TUNGTUNAN
Kiwari...urang keur nyangharepan rupa-rupa pasualan, anu
diakibatkeun ku nerekabna teknologi. Tangtu salaku palaku, keuna ku paribasa.."ngindung
ka waktu, mibapa ka jaman". Ku eta paribasa nilik kana harti nu saujratna
yen urang teh kudu nurut kana paneka jaman. Naha bener kudu kitu?
Nilik kana masalah-masalah nu keur disanghareupan, bisa enya bisa henteu,
tangtu gumantung kana situasi jeung sabab akibat. Dihiji sisi urang ulah
tinggaleun ku jaman, disisi sejen urang oge kudu sayaga kana hal-hal nu baris
tumiba nu diakibatkeun ku kamajuan jaman.
Dina kahirupan moderen jiga ayeuna, tangtu urang geus pada apal ku
mucunghulna rupa-rupa teknologi nu datang, hususna nu jolna ti nagara deungeun.
Nu disebut moderen teh teu diukur ku tempat cicing wae, tapi oge ku gaya hirup
sapopoena...
Lumrah dina kahirupan manusa, dina nyanghareupan hiji hal, aya nu
pro aya nu kontra, aya nu sapuk satuju, jeung aya nu keukeuh teu mikeun...kitu
deui tina urusan asupna teknologi anu jadi pamiangan tina masalah-masalah nu
tumiba ayeuna..umumna nu jadi subyek keuna ku imbas teknologi nya eta
euntreupna di barudak.
Panulis kaasup anu kontra kana narekabna teknologi, utamana mah dampak
negatif anu diakibatkn ku narekabna teknologi....dina ieu tulisan urang
hususkeun wae kana masalah tongtonan Televisi (TV).
Kiwari mah acara TV ge teu eureun-eureun salila 24 jam, tampolana
acarana teh teu disaring heula diluyukeun jeung kaayaan, contona loba film-film
ti nagara kulon anu ditayangkeun saujratna, sok sanajan dipidangkeun dina waktu
sareureuh budak, tapi teu nutup kamungkinan loba barudak anu lalajo sanajan
waktu ngagayuh ka janari. Hal ieu pisan anu hayang ku panulis dipedar,
bangbaluh jaman, naha urang kudu ngigelan jaman? Atawa jaman anu kudu
diigelkeun ku urang ?
Utamana mah panulis rek ngahususkeun kana kaayaan barudak , anu umumna
mah can bisa milah-milah mana nu hade diturutan jeung mana nu teu kudu
diturutan, antukna tongtonan jadi tungtunan, leuwih husus deui tongtonan anu
mangrupa acara sinetron striping, anu dina prakna teu eureun- eureun dipidangkeun
unggal peuting, anu kalolobaanana mah eta tongtonan teh midangkeun lalakon anu
teu payus ditururan ku barudak, di dieu tangtu wae pihak produser teu
ngingetkeun dampak negatifna keur barudak, keur maranehna mah sagala rupana
dikaitkeun kana komersil, nya eta kumaha carana sangkan sinetron nu
diproduksina payu tur ngahasilkeun duit anu ngocir ti sponsor.
Kaayaan psikologis umur antara 10 nepi ka 17, labil pisan dina
nyokot kaputusan, maranehna leuwih resep nyokot kaputusan anu ceuk pangrasa
manehna bener, teu dipikirkeun pibalukareunana, asal ngeunah keur dirina, teu jadi
pasualan naha kalakuanana teh bakal ngarugikeun atawa henteu, boh keur dirina
boh keur nu lian.
Kiwari oge, hususna barudak sakola, anu nota bene diajar budi pekerti,
tatakrama, aturan tata tertib, jeung aturan - aturan lianna, kiwari..leupas
tina praktekna, barudak ayeuna geus teu nganggap jeung geus teu paduli kana
etika tatakrama, anu ceuk pangrasa maranehna mah hal nu mubajir.
Hal sejen nu paling mangaruhan tina tayangan sinetron nya eta
acarana ditayangkeun bareng jeung waktuna sholat magrib nepi ka waktu sholat
isya, teu nutup kamungkinan barudak nepika teu ngalaksanakeun sholat magrib
jeung sholat isya, geus puguh waktu ngaji mah kaboler.
Anapon carita-carita nu dipidangkeun oge teu sakabehna bisa diconto
ku barudak, sanajan eta sinetron atawa filem teh mangrupakeun carita keur
budak, tapi eusina ngagiring barudak jadi pribadi anu bedegong, basangkal, nipu
ka kolotna, meres atawa malak babaturan, teu ngahargaan guru, resep nyiksa
babaturan, jeung rea rea deui, anu puguh mah eusina loba nyontoan teu bener.
Lamun nitenan kaayaan nu geus kritis kieu, kudu kumaha ketak urang
salaku masarakat anu masih keneh paduli kana kaayaan, anu masih keneh hayang
ningali barudak urang hirup luyu jeung kaayaan umurna.
Tangtu sagala rupana bakal aya solusina, lamun seug ti unggal pihak
aya kereteg pikeun ngarobahna, boh ti pamarentah, ti aparat, boh ti masarakatna
sorangan. Nu jadi bahan pamikiran urang nya eta, yen barudak ayeuna teh
minangka calon pamingpin bangsa dimangsa datang, ku kituna kudu dibekelan ku
rupa- rupa pangaweruh anu hade dina enggoning nyumponan kabutuh dina mangsa
datang, nu paling poko nya eta elmuning agama tur darigama. Pamarentah oge ulah
nutup kaayaan rahayatna nu keur angkleung-angkleungan dina ka teu pastian
hirup, kudu aya tarekah dina nyaring tongtonan anu baris dipidangkeun, Badan
Sensor Film ( BSF) kudu bener-bener bisa nyaring skenario carita, kudu dipahing
tongtonan anu teu hade lamun ditongton ku barudak, sabab maranehna can boga
lilinggeran pikeun milah-milah carita, umur nu masih labil, antukna nyababkeun karuksakan mentalna.
Pihak kulawarga, dina hal ieu nu jadi kolot atawa indung bapana,
kudu leuwih intensif dina nalingakeun barudakna, hususna bisa mere pangaweruh
ka barudak kana acara- acaea TV, mana nu
meunang ditongton jeung mana nu teu meunang ditongton ku umur barudak, oge
nalingakeun waktu tayangna, kudu diluyukeun jeung jadwal barudak diajar diimah.
Salian ti eta ge barudak kudu dibekelan elmuning agama, anu baris nungtun kana
jiwa barudak, sangkan loba waktu- waktu anu dipake keur hal-hal pisitif.
Mudah-mudahan ngaliwatan ieu tulisan , aya sasieureun sabeunyeureun pikeun
narekahan bangbaluh jaman. Cag!